Bubuka Manqobah

اعوذ با الله من الشيطان
الرجيم
أَلا إِنَّ أَوْلِيَاء اللّهِ لاَ خَوْفٌ
عَلَيْهِمْ وَلاَ هُمْ يَحْزَنُون
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ
الرَّحِيم
Sugrining puji anu
sampurna, sareng
pangalem sagemblengna,
eta tetep kagungan Allah
anu mikawelas ka abdi-
abdina, anu ngaluhurkeun
darajat anu bakti ka
Anjeuna.
Rahmat sareng salam anu
utami muga tetep ka
pangafdol-afdolna Nabi,
nyaeta Kangjeng Nabi
Muhammad SAW, anu
parantos dikiatan kalawan
mu'jizat, anu diutus jadi
rohmat kasadayana alam,
sareng kakulawargina,
sareng kasadayana
sahabat, sareng
kasadayana auliyana Allah
anu parantos diluhurkeun
kalawan dipaparin pirang-
pirang karomat.
Amma ba'du
Mangka ieu sapucuk kitab
anu kalintang ringkesna,
nyarioskeun manaqibna
Sulthonul Auliya Wa
Imàmil 'Ulama Assayyid
'Abdul Qodir Al-Jailani
qsn, kenging metik tina
kitab 'Uqùdul Lalali Fi
Manaqibil Jaelì, sareng
tina kitab Tafrìhul Khòtir
Fì Manàqibis Sayyid 'Abdul
Qòdir.
Mudah-mudahan aya
mangfaatna ka sadayana
dulur-dulur anu kersa
ngaos atanapi ngadangu
kalawan ngagungkeun
kanu kagungan ieu
manaqib.
Mudah-mudahan
kuberkahna anu kagungan
ieu manaqib, Gusti Nu
Maha Suci ka urang
sadayana nurunkeun
rohmat sareng nulak tina
bahla dunya akherat,
dihasilkeun pamaksudan
diwuwuh kasalametan.
Amin.
-